Urang Sunda: Bahasa Sunda Lemes





Bagi teman-teman yang tidak mengerti bahasa sunda, silahkan berkunjung pada potingan berikut: Mulai Kembali Menulis Menggunakan Bahasa Sunda




#ReboNyunda

Gambar oleh: Rudy Arra
Ti leuleutik, Mamah jeung Bapa ngajarkeun ka kuring basa sunda lemes, kitu oge ka lanceuk jeung ka adi. Kolot kuring kaasup tegas ngadidik barudak na soal babasa. Inget keneh baheula lamun kuring ngomong kasar teh osok langsung dicarekan ku kolot, makana kuring jadi sok araringgis lamun arek ngomong sunda kasar teh, tepi ka kuring pernah dilandi budak anu ngomongna paling lemes dikampung kuring eta. Numatak numawi budak botak kaseglong Hui, tepi ka kiwari kuring masih ngagunakeun basa sunda lemes lamun ngobrol jeung batur, sanajan teu ka kabeh jalmi.
*gagaro*

Lamun ngobrol jeung budak leutik oge kuring osok ngagunakeun basa sunda lemes, angot lamun ka kolot mah. Aya oge sih sababaraha urang babaturan deukeut anu geus biasa ngobrol make basa sunda kasar jeung kuring, tapi sanajan sunda kasar oge tara nepi ai ka sok mamawa urang Ragunan mah. Suwer!

Tapi kadang kuring aya ngarasa era atawa canggung lamun ngobrol lemes jeung batur sapantar teh, asa kumahaaaa kitu gening, asa kurang lepas jeung asa aya batas. Pernah kuring ngajaran ngomong sunda kasar ka babaturan heubeul anu papanggih deui saatos kira-kira 6 taunan teu panggih, eeehh manehna kalah ngomong kieu "Naha rudi nyariosna jadi kasar? asa jadi aneh", cenah.  Malahan aya babaturan heubeul anu pernah nyarita ka kieu ka kuring "Ngobrol sareng Rudy mah asa ngobropl sareng istri" pajarteh. 
*ngusap tarang make parud*

Halaah...kadang kuring mah sok kalah jadi bingung da, contona dina nagtukeun tingkatan basa sunda jang nulis dina blog ieu, bingung rek nulis make basa sunda lemes atawa make basa sunda kasar?. Lamun make basa sunda lemes, aduhh muni asa dines teuing, "kurang najong" ceuk urang Cibangkonol mah hihihi. Sedengkeun lamun nulis make basa sunda kasar (padahal da teu kasar-kasar teuing ceuk kuring mah) cigah kieu, kuring bisa leuwing nga-eksplor jalan carita, lewih lepas jeung leuwih interaktip (pake "p") jeung anu maca, eta oge lamun aya anu maca ketang. 
#nyengir

Tah, ayeuna kumaha pendapat dulur ngenaan basa sunda lemes jeung basa sunda kasar ieu?

11 komentar:

  1. ini bahas sunda ya mas, saya belum begitu paham hehehe :)

    BalasHapus
  2. eleuh geningan aya blog basa sunda, pundut simkuringmah kecap nu di anggo publish kaleubet basa anu loma, masih tebih kanu lemesmah.. punten margi di suhungkeun sumbang saran, kanggo kapayun, langkung sae nganggo basa sunda anu lemes.. tp teulangkung juragan wee xixi.. hatur nuhun

    BalasHapus
    Balasan
    1. Muhun, Teh, abdi nganggo bahasa sunda kasar dina seratan ieu. Muhun panginten kapayunna abdi nganggo basa sunda lemes. Bingah aya rencang 'salembur' masihan komentar dina postingan abdi ieu. Hatur nuhun atos mampir, Teh Santika.

      Hapus
  3. aduh roaming, saya bingung itu artinya apa

    BalasHapus
  4. kang abimah basa sunda lemesmah rada kumaha kitu. Aya keneh kitu kang anu nyarios sunda nu lemes kitunya. maklum abimah da jauh ti lemur sadidintenteh basa sunda na gaul
    baca artikel basa sunda asa di lembur.

    mun cek sayamah kang kudu dimumule basa sunda anu leres teh. di perkenalken sareng di emutken kanu sanes.

    BalasHapus
    Balasan
    1. Abi di bumi masih nyarios nganggo bahasa sunda lemes, Mang, tapi lemes sadidinten hungkul, sanes lemes sapertos nyariosna Arjuna ka rama na hehe. Perkawis nyerat dina blog, abi langkung nyaman nganggo bahasa sunda 'kerakyatan' supados sisi humanis na langkung keuna.

      Muhun, Mang, hayu urang sasarengan ngamumule budaya sunda, salah sawiosa tidan bahasa :)

      Hapus
    2. wah hebat pisan di bumina bahasa sunda lemes kudu tularken ka abdi

      Hapus