#ReboNyunda Bahasa Sunda teh Teu Gampang

Gambar: Rudy Arra
Dina postingan #ReboNyunda ieu kuring masih ngabahas sabudeureun basa sunda. Terus terang, sanajan kuring urang sunda pituin, tapi kuring kaasup diajar keneh ngagunakeun basa sunda, dina nulis atawa ngetik, maca atawa ngalisankeun basa sunda. Bet naha bisa kitu? lah tong jauh-jauh, contona ue lamun kuring dititah maca basa sunda sok kalah cigah anu keur diajar maca, teu lancar nereleng cigah maca tulisan dina bahasa Indonesia. 

Angot lamun kuring dititah ngetik tulisan dina basa sunda, hadeuuuuhh pokonamah alahbatan ngetik rumus matematika, mendingan dititah nulis tulisan dina bahasa Inggris. Tah tidinya kuring sadar yen basa sunda teh teu gampang. Loba keneh aturan-aturan jeung kosakata basa sunda anu ku kuring can kaharti, kadang kuring era sorangan. 

Dina wanci katukang ieu, kuring jadi resep ngadangukeun jeung ningali naon-naon anu aya hubungana jeung kasenian sunda. Lagu sunda, sandiwara sunda, presentasi ngeunaan kabudayaan sunda jeung sajabana. Aya rasa anu beda lamun kuring merhatikeun kabudayaan sunda teh, asa bener-bener boga identitas.

Kuring oge sadar yen basa sunda jeung budaya sunda teh sakitu legana, teu cukup ku ditingali wungkul tapi oge kudu dileyepan sangkan arti jeung makna kabudayaan sunda teh bisa karasa ku diri urang. Sabenerna dina jaman kabebasan informasi ieu, budaya-budaya deungeun teh gampang pisan asup ka urang, cilakana budaya deungeun teh katingali leuwih alus jeung leuwih "geulis" ti budaya urang, padahal lamun dilenyepan deui, budaya urang sorangan justru leuwih boga arti kaendahan anu jero makna na.  

Ku kituna, ayeuna kuring keur nyoba nyaimbangkeun pangaruh kabudayaan deungeun jeung kabudayaan kuring sorangan anu asup ka diri kuring. Kaasup dina hal bahasa, masih loba "unak-anek" anu perlu ditalungtik deui. Pokonamah pesen kuring jang urang sunda, tong sok ngaremehkeun kana basa sunda, soalna basa sunda teh teu gampang. Basa sunda teh sakitu lega na, basa sunda teh sakitu endah na.

10 komentar:

  1. leres pisan bahasa sunda teh lega pisan luas pisan. kosa katana ge seu eur pisan. hese nulisna nya

    BalasHapus
    Balasan
    1. Muhun, Mang. Alahbatan nulis matematika hihi

      Hapus
  2. anu ngahesekeun nana teh bahasa sunda mah beda-beda kasaluhureun, sahandapeun jeung ka sababadan atuh, tapi da ari ngobrol jeung babaturan mah make basa sunda welah sing sanajan kurang hade basa na oge. 100% sunda budaya sunda budaya nu ngadunia eleh kabeh oge lah.
    edisi rebonyunda ieu teh?ari sugan teh saptu atuh ayeuna teh :D

    BalasHapus
    Balasan
    1. Leres, Kang, bahasa sunda aya 'undak usuk' atawa '
      tata krama' na, eta anu ngabedakeun sareng bahasa sejen. Pokonamah urang sunda kudu reueus kana budaya na sorangan. Mangprang!!!

      Hapus
    2. jadi kareueung ari si mang rudy geus mangprang teh atuh da.. :)

      Hapus
  3. eta naon mang? beta seng tau lae kopung bahasa itu :)

    BalasHapus
    Balasan
    1. Nah kan saya jadi bingung harus jawab apa. :D

      Hapus
  4. abdi teu ngarti. yang bikin semangat belajar bahasa Sunda adalah karena ngegebt orang Sunda. aaaakk

    BalasHapus
    Balasan
    1. Aciecieee bebeb nya urang sunda, terbukti kalo cowok sunda itu memang mararanis :D

      Hapus