Rebo Nyunda Diajar Ngamumule Kabersihan Lingkungan ti Leuleutik

 Gambar ku: den.cyberia
Kasadaran pikeun ngajaga kabersihan lingkungan rupana teu dipiboga ku sakabeh jalma. Loba keneh jalma anu kurang empati lamun ningali runtah balatak, sanajan si runtah itateh pabalatak dina jajalaneun manehna. Kuring mindeng nempo kajadian siga kitu wanci latihan di taman olahraga di daerah kuring. 
Pernah sakali waktu kuring jeung babaturan saenggeus latihan langsung ngalakukeun 'Operasi Semut' atawa gerakan mulungan runtah babarengan, tina sakitu lobana jalma anu aya di lingkungan taman olahraga eta, ngan aya saurang anu boga kereteg hate miluan  gerakan mulungan runtah. Padahal anu sok olahraga didinya teh kuring yakin lain jalma sambarangan, artina jalma anu nyakola, anu pernah ngasaan sakola luhur, lamun dipikirmah jelema anu kaasup kaum intelektual kitu kuduna mah boga rasa hanyang ngajaga kabersihan lingkungan anu leuwih gede, malahan teu perlu diajak angot dicontoan mah. Angot ieu keur kapentingan balarea. 
Sanajan kitu, da kuring oge teu bisa nyalahkeun sasaha, soalna etamah perkara hak sewang-sewangan. Tapi lamun loba kasus siga diluhur, artina kasadaran masyarakat urang dina ngajaga kabersihan lingkungan teh rendah keneh. Terus kumaha lamun geus kieu? Ayeunamah lain waktuna nyalahkeun pihak lain, tapi waktuna ngabentuk generasi anu miboga empati anu leuwih luhur ngeunaan ngajaga lingkungan na. Salah sahiji carana nyaeta ngadidik barudak urang sangkan teu micen runtah dimana wae, ngadidik barudak urang sangkan  ti leuleutik bisa mikacinta kana kabersihan lingkungan. 
Dina hal ieu kudu dimimitian ti lingkungan anu paling dasar, nyaeta lingkungan kulawarga. Budak diibaratkeun kertas bodas anu polos, jadi gampang keur urang ngadidik budak sangkan biasa miceun runtah kana tempatna. Kuring pernah nyoba ngabimbing budak batita sangkan miceun plastik bungkus permen kana tempat sampah, sakali-dua kali budak etateh kudu dibimbing keneh, tapi kadituna mah si budakteh jol miceun runtah urut jajanan nana kana wadah runtah, padahal ku kuring teu dibimbing. Tah ieu ngabuktikeun yen gampang pisan ngabiasakeun budak sangkan mikacinta lingkungan. Pro-aktif urang salaku panutan gede pisan pangaruhna, jeung bisa nangtukeun karakter generasi saenggeus urang. 
Salian di lingkungan kulawarga, ngajak budak kana kagiatan-kagiatan sosial utamana kagiatan anu ngeunaan ngajaga lingkungan, bisa oge ngadidik barudak sangkan ngajaga lingkungan anu cakupan na leuwih luas. Leuwih-leuwih lamun kagiatan anu dilaksanakeun teh dikemas ku hal-hal anu matak pikaresepeun barudak, contona aya acara makan-makan saenggeus na ngalakukan kegiatan, pasti barudak teh nagih diajak deui. 
Alma, Nala & Nadia, dina rangka
Gerakan Pungut Sampah Bandung Clean Action
Contona alo-alo kuring ieu anu sumanget wae lamun diajak Gerakan Pungut Sampah Bandung Clean Action teh. Bandung Clean Action nyaeta program, inisiatif tina representasi masyarakat lintas profesi anu ngalakukeun kolaborasi ku cara strategic campaign jeung social engineering anu ngadorong aksi sabilulungan pikeun upaya ngurangan sampah di kota Bandung. Kagiatan anu positif pisan jeung ngadidik masyarkat ngeunaan pentingna kasadaran ngajaga kabersihan lingkungan. Kagiatan ieu rutin dilaksanakeun unggal poe ahad di sababaraha titik strategis di kota Bandung.
Ku kituna, ngajarkeun ngamumule kabersihan lingkunan ti leuleutik ka budak teh penting pisan, ambeh generasi urang kahareupna bisa jadi generasi anu miboga kualitas mental anu hade. 
Hatur nuhun. 

48 komentar:

  1. jadi maksudnya hari rabu memberi pelajaran pungut sampah ya mas?
    nggak ngerti artinya sih :D
    yg penting saya komentar aja,yg lebih penting lagi saya dapet pertamax

    BalasHapus
    Balasan
    1. Aduh saya jadi ngerasa berdosa karena banyak yang gak ngerti tulisan saya.

      Kalau hari #ReboNyunda itu adalah hari yang tematik bagi blog ini karena khusus pada hari rabu saya apload tulisan yang menggunakan bahasa sunda, Mas.

      Kalo isi dari postingan kali ini adalah tentang mengajarkan anak tentang betapa pentingnya menjaga kebersihan kebersihan lingkungan sejak dini.

      Hapus
    2. Sae pisan kang ... #ReboNyunda .... simkuring nurutan ah... :)

      Hapus
    3. Hayu, Mang. Lestarikeun budaya urang sasarengan. :)

      Hapus
    4. lerespisan jadi hoyong nurutan ah

      Hapus
    5. lagi pada ngomongin apa sih nih?

      Hapus
  2. Leres pisan Kang ... Ngajarkeun ngamumule kabersihan lingkunan ka budak teh penting pisan... sangkan engke gedena biasa ...

    BalasHapus
  3. nyak tah emangna ge' kudu kitu...bener pisan tah wejangan ti mang rudy teh..yen urang teh kudu ngamumule na

    BalasHapus
    Balasan
    1. wing lai he knay uh,
      bingung ga ?

      Hapus
    2. Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten...

      Mas Mukhlis udah bingung belom?

      Hapus
  4. Haduh... saya gak ngerti bahasa Sunda... :D
    Saya panggil istri saya dulu, mau translate... :)

    BalasHapus
    Balasan
    1. Asiiik istrinya Mas Dedy urang sunda....

      Hapus
    2. naha atuh bet teu bararisaeun sunda kieu, kuring oge ti leuleutik dilondon da ari balik ka lembur mah nyunda atuh pan..

      Hapus
    3. Tah eta pisan, Kang, sunda pituin mah pasti nyaah pisan ka lemburna. :)

      Eh, ai kang Hendri di london na palih manaeun cibangkonol?

      Hapus
  5. maenya atuh erek eleh ku budak leutik kitu??
    alhamdulillah atuh lembur kuring mah bersih kang, mung aya we sebagian warga nu kurang perhatian kana miceun sampah teh.

    BalasHapus
    Balasan
    1. Muhun Tasik mah katingalinateh resik wae, betah ciganateh mun tinggal di Tasik mah. Lah aya wae Kang tukang nyampah mah, kudu di teke sasakali mah lah tuman.

      Hapus
    2. jadi mun hoyong bararesihmah katasik wae kitunya

      Hapus
    3. ini ngomong opo sih :(

      Hapus
    4. ini ngomong opo sih :(

      Hapus
    5. Hayu ka Tarasik...Mas Mukhlis gosah diajak, kasihan nanti beliau malah tambah bingung.

      Hapus
  6. di sayamah kang murang kalih di ajar bebersih anu kolot ngotoran. hehehehe

    BalasHapus
    Balasan
    1. hehehe, sya mangut manggut atuh

      Hapus
    2. Mang Adul: Wah semacam di Palallel Universe atuh...

      Mas Mukhlis: Anak metal ternyata.

      Hapus
  7. hhhhhhhhaaaaaaaaaaaaaaaahhh, saya nyimok ojo toh postingon nyo, ndok pahom ane lho :(

    BalasHapus
    Balasan
    1. ROCK and Roll all night31 Desember 2015 pukul 15.20

      disetraap

      Hapus
    2. Disetrapnya dengan cara dicipok basah sama mas Zach.

      Hapus
  8. ROCK and Roll all night31 Desember 2015 pukul 15.19

    saya ngambil penggaris dulu boleh? klepon mana klepon

    BalasHapus
    Balasan
    1. Anda siapa ya? Kok berani-beraninya bawa-bawa makanan favorit Kakang Parbu saya?

      Hapus
  9. kalolagirebonyundamahanaksayapakebajuitem2samasarungankesekolahan

    BalasHapus
    Balasan
    1. ohternyatadibogorjuganerapinprogramrebonyundakayakdibandungnyaksayakiracumaberlakudibandungdoanglahmaszachkalokekantorpakejugagakoiyamaszachkanpalingmalespakeseragamyaklhawongpakebajubatikajamalesbangetapalagipakebajupangsigituhehe

      Hapus
  10. Dimulai dari hal kecil ya. Jangan nyampah, dan kalau lihat sampah jangan segan untuk memungutnya. Mau plus ingatkan orang sekitar juga lebih baik ;)

    BalasHapus
    Balasan
    1. Betul sekali, Indi. Yuk bersama kita jaga kebersihan lingkungan. :)

      Hapus
  11. Maaf mang saya ga ngerti bahasa sunda, tapi dilihat dari gambarnya dan isi komentar yang berbahasa indonesia ini membahas tentang mengajarkan pentingannya kebersihan pada anak, dan saya sangat setuju dengan artikel ini mang, nice lah pokoknya mah.

    BalasHapus