Urang Sunda jeung Acuk Bedug

Mohon maaf, kepada kawan-kawan yang tidak mengerti bahasa sunda, anda boleh skip tulisanku kali ini. Terima kasih.

Sampurasuun!!! Asa tos lami teu nyerat dina basa sunda. Derrr ah, mang!

"Acuk bedug" nyaeta basa sejen tina "Baju Lebaran". Biasana istilah heuheureuyan ieu sok dipake ku kuring jeung babaturan jang ngaheureuyan jalma sejen anu meuli atawa make baju lebaran. Contona "Adeuuuh, aya anu tos meser acuk bedug..." atawa "Wah jigana anu dipake ayeuna teh acuk bedug yeuh...?" Muehehehe.

Lamun nyinggung soal baju lebaran, pasti moal bisa leupas ti budak leutik atawa ingetan urang wanci keur leutik, soalna jang barudak leutikmah meuli baju lebaran teh jiga nu geus jadi kawajiban, da asa piraku oge babaturan na nu lain marake baju anyar ari manehna henteu mah, asa ngenes pisan, sanajan teu saeutik anu geus dewasa oge anu sok pipilueun rariweuh lamun geus nyangkut kana perkara ieuteh. Kadang lamun dipikir deui ku kuringmah, sok asa teungteuingeun.

Saacan nulis ieu, kuring geus maca sababarahiji artikel anu ngabahas tema ieu. Mayoritas artikel anu ku kuring dibaca ngungkapkeun statement anu sarua, nyaeta yen kabiasaan masyarakat urang meuli baju lebaran teh seolah geus jadi budaya, nu akhirna kabiasaan ieu bisa ngajadikeun masyarakat jadi mikaboga budaya konsumerisme. Malahan lamun kuring mikir leuwih jauh deui, bisa-bisa sababaraha pihak malah kaeuntereupan budaya hedonisme, nu akibatna budaya-budaya etateh kalah ngajauhkeun jalma tina nilai-nilai agama, Islam khususna. Jeung lamun meuli baju anyar dina waktu lebaran  geus jadi budaya, artina kuringteh jelema anu teu berbudaya atuh, soalna geus sababaraha lebaran katukang ieu, kuring tara meuli/make baju anyar wanci lebaran. Deeeeng teuing...

Tapi da soal etamah hak masing-masing pribadi nya? kumaha niatna oge, lamun niatna jang ngajaga kaendahan jeung kabersihan, nya etamah beda perkara, da soal etamah disarankeun dina agama oge. Ngan anu perlu dikontrol teh nyaeta nafsu na meureun, ngajaga sangkan urang ulah tepi kalap dina ngalakonan na, sanes kitu? Nya ieumah saukur eunteung hungkul, da kuring oge teu ngarasa geus jadi jalma bener. Urang silih ingetan.

Kumargi tos nyangkolong kana waktos, waktosna kulem maksadna hehe, sapertosna dicekapkeun sakieu wae basa-basi ti sim kuring dina wengi ieu. Wilujeng.

36 komentar:

  1. halo-halo bandung
    ibukota periangan
    halo-halo bandung
    kota kenang-kenangan
    sudah lama beta
    tidak berjumpa dengan kau
    sekarang telah menjadi lautan api
    mari bung rebut kembali

    BalasHapus
    Balasan
    1. hihihii...lagi ng'heng ya...

      Hapus
    2. tujuhbelasan agustusan masih lama kok :-)

      Hapus
    3. Tahun ini tujuh belas agustusan tanggal berapa yak?

      Hapus
    4. wah mang jaya saparakanca geus rek bangkrut mun kiyeu mah..

      Hapus
  2. baju lebaran KPK katanya bergambar Ninjago ya Mas?

    BalasHapus
    Balasan
    1. ayo dong bikin kaosnya kang...kan udah dibuka pabrik sablon kaosnya kan?

      Hapus
    2. bikin dan dijual buat angpao lebaran dibagi bagi sebagai zedekah buat masyarakat tidak mampu :-)

      Hapus
    3. Asik, aku bakal punya baju lebaran...gratisan! Eh iya, kalo aku kebagi, aku rikues gambar Mas Zach, Mamang, Mamas Raw sama Kang Asep lagi berpelukan ya.

      Hapus
    4. Mamang jadi tinky winkie-nya ta?

      Hapus
  3. bae atuh sataun sakali jadi komsumtif mah atuh...da ari nu teu gaduh artos mah...da kuangger saukur manyun ningalikeun tatangga nu marakeacuk bedug....ngan pedah sok nalangsa we ari budak urang teu make acuk teuing mah...nya' kapaksa weh...nganjuk ngahutang nu penting barudak kabajuan bedug....;o)

    BalasHapus
    Balasan
    1. garuk garuk kepala dech kalo begini :-)

      Hapus
    2. saya garuk-garuk jenggot, pak Har

      Hapus
    3. Mamang : Hihi, mamang kapancing oge, tiap seratan anu ngabahas ieu pasti komenna senada sapertos komen mamang ieu. Muhun, mang, Rudy oge ngartos. Tapi Rudy mah ke ue lah meser acukna atos boboran, meh teu disebat acuk bedug. :D

      Hapus
    4. Bang Hari & MAs Pakies : Maafkan aku...

      Hapus
    5. halo halo bandung
      ibukota periangan..
      dst

      Hapus
    6. maksudna komsumtip teh
      sataun sakali ngaborong huwi
      geus teu usum nyuguhan konguan mah...

      Hapus
  4. bisanya cuman ngomong, kumaha atuh damang ?
    sebab nyari gugel terjemah sunda nggak ada sih

    BalasHapus
    Balasan
    1. Bhihihi...alhamdulillah sae, kumaha sawangsulna?

      Hapus
  5. Aing mah badhe terang wae, teu ngartos....

    Tos meser acuk bedugna kang?

    BalasHapus
    Balasan
    1. Hahahaa...

      Teu acan, kang. Moal meser ah, teu gaduh ceceh, THR na dipaok ucing. :D

      Hapus
    2. eta aya juragan kaos cing atuh kirim nya...

      Hapus
    3. Ah ci mamas mah aya aya wae da.

      Hapus
  6. Kurang ngerti sapa bahasanya kang kumaha :D

    BalasHapus
  7. De' kupahang aga na pau parroki'e... Mapeddi ulukku bacai, salama'ki

    BalasHapus