#Urang Sunda "Romadon VS Duit"

Seperti biasa dan akan dibiasakan, pada hari sabtu aku akan posting tulisan dalam bahasa sunda. Dan kali ini yang aku publish adalah artikel yang ditulis oleh Kakakku. Terima Kasih.

Sampurasun...ngiring nyimpen tulisan simkuring ah landong simpe.

Tadi pasisiang kuring ngawangkong sareng bapa-bapa duka urang mana di tukang tambal ban, bade ngagaleuh parab manuk saurna...nyana naros kieu : Kang naha nya lamun tiap bulan puasa teh urang mah sok asa leuwih riweuh neangan dunya (duit) tibatan 11 bulan nu katukang? apanan ceuk Gusti nu Maha Suci teh urang Islam dibere waktu anu super istimewa pikeun neangan amal hade, ibadah pikeun ke jaga diakherat...ngan sabulan! nyaeta bulan Romadon nu sagala amal urang dilipatgandakeun ku Gusti!..cing salah urang teh dimana? naha tradisi nu salila ieu geus ngagetih daging? atawa pipikiran urang anu geus ka cocokan ku kapitalis, hedonisme atawa perkara perkara anu geus di jeujeuhkeun ku kaum diluar kayakinan urang pikeun ngarungkadkeun atawa ngotoran Islam?....

(edass eta patarosan meni seukeut keuna kana manah.kuring ngahuleng bingung kudu ngajawab kumaha...)

Lamun dipikir pikir mah heu'euh geuning...Bulan Romadon teh kudunamah urang kurangan dudunya, tingkatkeun ibadah mangpang meungpeung urang keur aya di bulan berkah. Tapi da rata-rata mah, nya kaasup kuring sorangan oge sok ngarasa, ibadah ngan sumanget di mimiti ungkul, geus ngageser ka tengah atawa ka tungtung rek lebaran mah sok kalah bararingung ku neangan "dana" jang lebaran...can meuli baju budak atawa pun bojo, wadah kueh narangkub keneh can ka eusian, acan jang mahugi ka indung bapa, dulur, baraya, alo, tatangga (meh katingal berehan loba duit), katambah deui ongkos keur mudik atawa ngabebener kandaraan, halaah pokonamah loba pisan liang keur miceun duit teh...ari duitna? boro-boro nyekel...nempo oge acan!..Gustii...

Tungtungna mah puasa mineng bolong da cape teuing gawe, taraweh ngan 2 rokaat da kaburu tunduh, tadarus teu kaburu da euweuh waktu, komo i'tikaf di masjid mah jajauheun...moal meunang duit. Katambah pamajikan murukusunu, budak ceurik nagih wae....tuh...ahirna bulan berkah teh teu meunang nanaon...LEBARR Gustiii...ah sugan we taun hareup mah moal kieu-kieu teuing...(ayeuna mikir kitu teh,geus ninggang mangsa na mah ANGGER we....kitu deui).

Tah ayeuna "tradisi" urang dilembur atawa dikota salila ieu emang aya conto ti Nabi? Atawa dikudukeun dina Al Qur'an? 
  1. Kudu meuli/make raksukan anyar
  2. Kudu loba dahareun
  3. Mahugi bebeakan nepi ka ngantri nukeurkeun duit anyar
  4. Jeung lain-lainna deui nu matak jangar kana hulu, eh, mastaka

Tapi da ari geus kitu umumna asa piraku teu galib jeung batur...watir ningali budak atawa pun bojo rangkedut, katambah gengsi ku tatangga atawa ku dulur....nya akhirnya "Back to Basic" kembali ke tradisi masyarakat kita...maksakeun deui neangan dunya...bae aherat mah taun payun aya deui bulan berkah ieuh..(emang lo yakin umur lo masih panjaaang??)

Finally, ieu mah ceuk kuring,s usuganan kuring oge bisa ngajalananna ke jaga..mun geus beunghar atawa kenging Hidayah ti Gusti.

Urang Hirup sataun atawa 12 bulan, tah salila sataun  urang unggal poe nyiar kipayah, boh dagang, ngantor, kuli, buruh atawa usaha sejen. Tangtu urang meunang hasil, salila eta atuh urang kukumpul keur engke lebaran hareup itung-itung persiapan "Dana Idul Fitri", nya arek disimpen di Bank, na koropak, handapeun kasur, dimana we nu aman....lamun urang geus kukumpul dunya(duit)  asa moal beurat teuing nyanghareupan bulan romadon teh, da geus ngumpulkeun tianggalna keneh, tinggal urang ibadah nu khusyu, ngajalanan sagala amal ibadah tangtu bakal leuwih tenang, tengtrem, kenging berkah di bulan suci romadon kalayan kenging "hadiah" Ti Gusti nu Berlipat Ganda**.

Nikmatna ibadah anu teu diririwa'an ku dunya sugan bisa kalakonan ku urang sadaya. Keluarga bahagia,I badah terjaga, Tentram didunia, Bahagia Di Akhirat...AMIIIN

Mung sakitu anu kapihatur, bilih aya kalepatan basa, kecap atanapi tulisan simkuring neda dihapunten, da tulisan ieu mah mung saukur "kicauan hate di tengah mentrangna panon poe" semata, mugia tiasa aya manfaatna kanggo anu maos ieu tulisan simkuring, kade nu awonnamah ulah diturutan, candak hikmahna, sing janten "setitik pelita di tengah gelapnya dunia"....Wassalam.


======================den_cyber C2013===================


**Berlipat ganda basa sunda na naon?


21 komentar:

  1. Riweuh...idul fitri mah yang dipersiapkeun cuma urusan dunya..

    BalasHapus
  2. da rejeki mah taya hubungan jeung ibadah atuh mang
    pan cenah calon jabang bayi umur 40 poe dina kandungan geus ditulis jodo rejeki patina. rejeki mah kumaha gawe, ibadah moal ngaruh. buktina nu ibadah teu belul kalah balaleunghar...

    BalasHapus
  3. LEBARAN YANG SUDAH TERKONTAMINASI BUDAYA DAN KEBIASAAN....matak lieur kana hulu'na ge' yeuh...?!

    BalasHapus
    Balasan
    1. lebarannya kapan sih? dua pria di paling atas kasihan ya?

      Hapus
    2. 2 Pria paling atas itu Mas Pacul sama Mas Zach ya? *eh*

      Hapus
    3. emang pacul seangkatan lik zach jeung mang lembu nya..?

      Hapus
  4. mamang datang kesini nggak bantuin nerjemahin frase berlipat ganda? terlalu.

    BalasHapus
  5. saya membaca sampai akhir, ada sedikit yang yrempet di kepala dan ketangkep. bahasa sunda sedikit ada persamaan beberapa kata dengan bahasa jawa.

    lebaran di kampung saya seperti biasa, ndak harus ini itu, keluarga sederhana, ya menyambut semampunya. tapi esensi idul fitri sendiri kan bukan seperti sekarang, yang harus nyiapin kue-kue, belanja-belanja, baju baru, ngecat rumah dlsb. bila selama bulan ramadhan tak menjalankan dengan khusyuk, rasanya tak pantas saya berlebaran dengan cukup berbangga hati, malah sedih.

    sekarang berlebaran di kampung orang, tak bisa sungkem bapak ibu, sedang tetangga pada mudik, ada rasa sedih, tapi cukup bersyukur bisa membantu mereka, diamanahi menjaga rumah, dititipi kunci, dititipi taman, kendaraan dan piaraan. tetangga-tetangga yang tak merayakan idul fitripun pada memanfaatkan cuti bersama ini untuk traveling, beberapa ke bali, beberapa ke singapore rame-rame...

    met menyambut lebaran Kang Rudy...

    BalasHapus
    Balasan
    1. Iya, mbak. Yang sebenar-benarnya adalah nilai-nilai hakiki dari ramadhan itu sendiri yang akan membuat kita bahagia, bukan hingar-bingarnya. :)

      Hapus
  6. Waduh sob nggak ngerti yang dibahas.
    Nggak ngerti bahasa sunda je :-(

    BalasHapus
  7. manggut-manggut, bener juga yah hehe..
    kebnyakan yg di inget tuh kue, baju baru, makanan, thr, jalan-jalan malah kadang yg wajibny malah ditinggal --" haiish

    BalasHapus