Kuring Milangkala

#Urang Sunda

Sakumaha biasa, tadi kuring nyaring jam lima isuk-isuk. Pak kuniang tina luhur kasur, terus jrut napakkeun dampal suku kana tehel nu tiis matak murigrig. Lengkah suku kuring ngarah ka kamar mandi, niat keur wudhu. Beres sholat subuh, kuring langsung beberes sasapu, ngepel, ngumbah motor, ngan mandi nu henteu teh, nu penting mata bebas cileuh we heula. Bae lah disebut dokok oge, Ucing oge tara mandi geuningan lumpatna tarik. 

Beres bebenah, kuring langsung ngajius ka lapangan, biasa...ngala kesang. Isuk-isuk tadi panon poe meuni moncorong, cerah, enakeun keur olahraga mah, teu matak malik tiis kana awak. Teu cigah sababaraha poe katukang, isuk-isuk geus aleum, sesa hujan peutingna, meureun. Barudak Lokasana geus karumpul, siap-siap ngamimitian latihan. Duh awak kuring keur kurang jag-jag, euy, asa laleuleus, maklum geus lima poe ieu kuring digeder latihan, makana latihan ayeuna moal diporsir teuing, ah, bisi paeh.

Mulang latihan kuring langsung mariksa hape. Walah, notipikasi hungkul. Muka Pesbuk jol murudul, kitu oge pas muka BM. “Wilujeng Milangkala, Kang!” Salah sahiji pesen dina BM ti salah saurang babaturan. Gustiii nu Agung! Geuningan enya poe ayeuna kuring teh milangkala. Milangkala anu ka dua puluh dalapan. Meuni sari-sari teu percaya, rarasaan kamari teh kakara dua puluh tilu da. Hadeuh...asli poho!!!

Sabenerna kuringmah tara rariweuh perkara nambahan umur mah, tapi jang milangkala anu ka dua puluh dalapan ieumah kuring ngarasa boga tanggung jawab anu leuwih, tanggung jawab ka diri sorangan jeung ka kulawarga. Kuring jadi boga rasa kitu ku sabab hiji patanyaan anu ditujukeun ka kuring ti sakur babaturan tepi ka kulawarga kuring, nyaeta "Iraha rek nikah?" Bisana kuring ucang-ucang angge ue lamun meunang patanyaan cigah kitu ti batur, tapi heunteu dina wanci ayeuna. Asa jadi tekanan ka diri kuring, soalna dina umur kuring anu geus sakieu, kuring kudu leuwih serius mikiran jang batur hirup, "...da moal lalagasan sainengna maneh teh!" lamun ceuk Ua kuringmah. 

Salila ieu kuring memang teu pati serius mikiran neangan batur hirup, masalah cinta lain prioritas keur kuring, nu jadi prioritas kuring salila ieu nyaeta ngembangkeun usaha. Padahal teu kudu kitu, da sagala oge kudu saimbang. Didinya meureun salah kuring. Tapi da anu jadi kuring mah keukeuh, santai ue lah da jodo mah moal kamana. Jodo, pati, bagja, cilaka geus aya nu ngatur, ngan tetep ue da ku kuring oge diihtiaran. Mugi Gusti maparin jalan. Amiin.

16 komentar:

  1. Huwaaaaaaaaaaa, kagak ngerti ngomong apa :'(

    BalasHapus
    Balasan
    1. Gakpapa gak ngerti juga, kamu udah hadir disini aja aku udah bahagia.

      *kalem

      Hapus
    2. iya dengan keberadaan etika maria di kolom komentar ini admin juga sudah bersyukur...iya gak min?

      Hapus
    3. saya juga gak ngerti , tapi tetep saya baca

      Hapus
  2. Balasan
    1. tepatnya bahasa daerah Sunda, Jawa Barat.

      Hapus
    2. iya bahasa sunda...tak kira bahasa sudan....

      Hapus
  3. sebenarnya saya ngerti bahasa sunda ini..tapi tidak bisa memahaminya....:-D
    keep happy blogging always...salam dari Makassar :-)

    BalasHapus
    Balasan
    1. nggak paham nggak papa
      yang penting komen.

      Hapus
    2. sama kalau gitu...sebenarnya saya gak ngerti bahasa sunda...tapi kalau dikit-dikit mah abdi teh ngatos kang...pernah tinggal di cikampek dulunya heeeee

      Hapus
  4. wilujeng milangkala...tos tua nyak.....dua lapan? iraha rek nikah? he..he...

    BalasHapus
  5. yang saya bingung tuh....mas ara merasa mempunyai tanggung jawab lebih, pada diri sendiri dan keluarga...pasangannya mana mas?

    BalasHapus
  6. saya baca dari awal sampai akhir, sepertinya ini petuah bijak ya gan ?

    BalasHapus