Naskah Lomba Pidato Anak Bahasa Sunda "Anjeun Hijrah Dina Kahirupan Modern"



Bismillahirrohmanirrohim 

Buah pinang dibagi opat 
Pamasihan di mang Ahmad 
Jawablah salam anu semangat 
Tawis anjeun umat nabi Muhammad 

Assalamu’alaikum Wr.Wb. 

Langkung tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka Alloh SWT. Anu mana mantena parantos nyiptakeun dualisme anu teu tiasa dipisahkeun antawis hiji sareng anu sanesna. Langit sareng bumi, bulan sareng panon poe, cai sareng taneuh, dugikeun kasampurna kahirupan manusa di alam dunya. 

Teu kakantu n sholawat sinareng salam mugia dilelerkeun ka junjunan alam nyaeta Nabi Muhammad SAW. Anu mana anjeuna parantos ngabimbing umat kana jalan anu caang tur hurung mancur nyaeta DINUL ISLAM. 

Dina kasempetan ieu abdi bade neda widi seja ngiring tausiyah singkat anu judulna:
“ANJEUN HIJRAH DINA KAHIRUPAN MODEREN”

Ikhwatul Iman Rohimakumulloh…
Nagdangu atawa ningali remaja, urang langsung kaemut kana sosok anak manusa anu nuju milari kajayaan guna milari jati dirina: 
  • Jaya dina berpikir
  • Jaya dina tingkah laku 
  • Jaya dina beramal
Lamun kapungkur dipapatahan ku sepuh mastaka sirah ngangguk tapi jaman ayeuna sirah oge gudag-gideg, majar maneh diajar uhun Bu…uhun Pak…aranjeuna memang diajar tapi diajar modis sareng gaul dugi ka: 
Waos dipager 
Pingping diumbar 
Dada berkibar 
Kalabat-kelebat 

Naudzubillahimindzalik 

Kunaon dugi ka kitu hadirin? Eta anu dinamikeun dina kahirupan modern sareng kurangna dasar-dasar elmu kaimanan sareng kataqwaan. Pak…Bu…

MAYURIRIDILLOHA BIHI HOIRON YUFAQQIHU FIDDIN

Anu hartosna “Kanggo saha wae anu dikehendaki kasaean ku Alloh maka dirina bakal dipahamkeun kana agamana” 

Subhanalloh…subhanalloh

Hadirin rohimakumulloh

Ayeuna jamananna modern bu…serba canggih pa…hoyong nyarios bari papayun-payun kantun ketik 3G, hoyong terang berita dunia anu up to date kantun browsing internet, browsing internet, serba mudah. 

Tapi kunaon dibalik kamudahan timbulna kasusahan? Dibalik kamajuan timbulna kamunduran? Eta dikarenakeun hate urang tos kacandak arus sareng lajuna kamoderenan. 

Hadirin…

Sakitu pentingna kaimanan sareng kataqwaan anu bakal ngabentengan hate urang sareng mayungan tina panasna hawa-hawa jahilliyah di jaman modern ieu. 

Rupina sakieu wae tausiyah ti sim abdi, hayu urang sami-sami janten generasi Islam anu hakiki anu naceb dina hate sanubari urang. 

Diawalkeun ku basmallah diakhirkeun ku hamdallah. 
Mugia pidato abdi janten barokah, janten lentera di alam barzah. 

Wabillahitaufiq wal hidayah. Wassalamu’alaikum Wr.Wb. 


0 Comments:

Posting Komentar