Mengenal Pancakaki dalam Bahasa Sunda


Pancakaki teh nyaeta pernahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya keneh. 

A. Runduyan atawa Turunan 

  • Anak, turunan kahiji.
  • Incu, turunan kadua anakna anak. 
  • Buyut, anakna incu. 
  • Bao, anakna buyut.
  • Janggawareng, atawa canggahwareng, anakna bao. 
  • Kaitsiwur, anak Janggawareng.
B. Ka luhur 
  • Bapa, lalaki nu boga anak, salaki indung. 
  • Indung, awewe nu boga anak, pamajikan bapa. 
  • Aki, bapana indung atawa bapa.
  • Buyut, indung/bapana aki atawa nini.
  • Bao, indung/bapana buyut.
  • Janggawareng, indung/bapa bao.
  • Kaitsiwur, indung/bapana janggawareng. 
C. Ka gigir 
  • Adi, dulur sahandapeun 
  • Lanceuk, dulur saluhureun 
  • Emang/Paman, adina bapa atawa indung (lalaki) 
  • Bibi, adina bapa/indung (awewe) 
  • Ua, lanceuk bapa/indung 
  • Alo, anak lanceuk
  • Toa, anak adi 
  • Kapiadi, Anakna Emang/Bibi
  • Kapilanceuk, anakna ua 
  • Incu ti gigir, incuna adi 
  • Aki ti gigir, lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini
  • Nini ti gigir, awewe, adina atawa lanceukna aki/nini
  • Ua ti gigir, anakna lanceuk aki/nini 
  • Emang ti gigir, lalaki, anak adi aki/nini
  • Bibi ti gigir, awewe, anak adi aki/nini

D. Istilah sejenna 

  • Adi beuteung, adina pamajikan/salaki 
  • Dulur sabrayna, dulur misan, anak paman, bibi, atawa ua 
  • Dulur teges, dulur enya saindung sabapa 
  • Indung tere, pamajikan bapa, tapi lain nu ngalahirkeun urang 
  • Bapa tere, salaki indung, tapi lain anu ngalantarankeun urang lahir 
  • Anak tere, anak sampakan ti salaki atawa pamajikan 
  • Dulur pateterean, anak indung tere atawa bapa tere 
  • Cikal, anak panggedena 
  • Pangais bungsu, lanceukna bungsu 
  • Bungsu, anak pangleutikna
  • Baraya laer, baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna
  • Teu hir teu walahir, teu baraya saeutik eutik acan 
  • Bau-bau sinduk, baraya keneh sanajan geus jauh 
  • Dulur pet ku hinis, dulur teges 
  • Baraya, sakur anu aya pakuat-pakaitna pancakaki 
  • Karuhun, luluhur, jalma-jalma anu kungsi lila heulaeun urang, anu ngaruncaykeun urang 


0 Comments:

Posting Komentar