Dongeng Nyai Lara Kidul Bahasa Sunda


Kacarioskeun, baheula pisan, aya hiji istri gagah sarta sakti, calikna di dasaring Laut Kidul, jenengannana Nyai Dewi Lara Kidul, nayeta putrana ratuning siluman, nu linggih di dasar sagara. 


Kawentarna eta Nyai Dewi Lara Kidul awas tingali batan kaca, binekas, sakti mandraguna, weruh sadurung winarah, tegesna awas ka nu tacan bukti. 


Ari dina mangsa harita kacarioskeun, raja Majapait keur saembara, rehna anjeunna kagungan dua putri istri geulis sakembaran. Geus kasohor kageulisanana, diantara para putri raja di tanah Jawa, teuaya nu ngabandingan ka eta dua putri. Raja Majapait ngarasa susah tina rea teuing nu nanyaan, sieun jadi karusuhan di ahirna. Demi jenengan na putri, nu hiji Enden Putri Sekar Sari, anu hiji deui Enden Putri Sekar Wangi. 


Ti dinya kersana raja tina salangkung bingungna, dasar sakti mandraguna, lajeng bae nyipta dua kuda hejo sambarani ayana di awang-awang. Terus ku raja disaembarakeun ka sadaya para raja sarawuh paraponggawa, lahirna: "Ayeuna kieu bae, saha-saha nu bisa nyebutkeun itu nu rupa kuda di awang-awang masing sidik, mun katujum eta, dijenengkeun ratu anom di nagara Majapait." 


Gancaning carita, eta kabeh pararaja sarawuh pada nyarerebut kuda bae sumawonna para ponggawa jeung paramantri sadaya pada norah yen eta kuda hejo sambarani nu aya di awang-awang. 


Tunda nu keur rame saembara, kacarios Nyai Dewi Lara Kidul, nu awas tingalina, geus mongpolangan katingali ku anjeunna yen raja di nagara Majapait keur ngayakeun saembara. 


Nyai Dewi Lara Kidul imut dina jero manahna jeung ngalahir: eta kana saembara raja, hamo aya nu bisa neguh, lamun henteu ka aing. Ti dinya lajeng bae anjeunna nyipta dua murangkalih sakembaran pameget sarta kasep, kira umur lima welas taun. 

Baca juga: Legenda Ciung Wanara, Riwayat Lengkap

Saeunggeus kitu, eta dua putra lajeng ku anjeunna diajak ngadeuheus ka raja bade ngiring saembara.

 

Sadongkapna ka nagara, ku raja dipariksa, lahirna: "Aeh, Nyai Dewi Lara Kidul, arek ngersakeun naon numawi sumping ka dieu?" 


Jawabna: "Anu mawi kuring dongkap ka dieu, rehna gaduh dua anak, manawi aya idin raja, kuring seja ngiring saembara sareng kuring seja naros, naon nu baris dianggo tumpang ti raja upami eta saembara kadian katujum". 


Walon raja kieu: "Saha-saha anu bisa nyebutkeun sarta kateguh eta rupa kuda sakembaran di awang-awang, tarohannsa nagara sabeulah rawuh eusina jeung dipasrahkeun dua putri pigarwaeunnana, sarta dijenengkeun jadi raja didieu". 


Jawab Nayai Dewi Lara Kidul: "Lamun kitumah, nuhun, ari ti kuring ieu dua anak lalaki sakembaran tarohna." 


Walon raja: "Sae, teu aya pambengan." 


Sanggeus taya nu katebak ku kabeh raja, Nyai Dewi Lara Kidul ngalahir: "Eta sadayana salah lamun nyarebut kuda, bisi teu aruninga, itu nu rupa kuda sakembaran di awang-awang, satemenna lain kuda hejo sambarani, tapi tina kapinteran jara Majapait, ari saenyana mah, eta teh mega bodas, dicipta ku raja dirupakeun kuda sambarani asal tina mega putih." 


Sanggeus ditujum, les bae rupa nu rupa hejo teh, teu aya, ilang tanpa karana. Ger bae sarurak parabopati yen geus beunang saembara ku Nyai Dewi Lara Kidul. 


Harita keneh Nyai Dewi Lara Kidul nagih perjangjian ka raja. 


Raja mindel manahna henteu doa lamun boga mantu bangsa siluman, pendekna cidra tina perjangjian, malah raja nyieun akal sangkan ulah jadi. Tuluy bae nyieun deui saembara, tapi geus kamanah ku Nyai Dewi Lara Kidul. 


Saurna: "Eh, naha raja bet cidra henteu make hukum adil, tapi keun, kumaha engke bae lamun raja cidra deui." 


Ti dinya raja ngadawuh deui saurna: "Ayeuna, saha-saha nu bisa nyieun parahu pinggir emas ditarapang ku inten baris lalayaran, eta baris tangtu dua putri jeung nagara sabeulah bakal dimilikkeun. Karana gunana nyaeta pikeun lalayaran panganten di sagara. kitu deui ku kula tangtu ditikahkeun, sarta dipasrahkeun karajaan." 


Pararaja taya hiji-hiji acan nu sanggup, anging Nyai Dewi Lara Kidul nu sanggupeun. 


Ari saurna: "Upama hamo raja cidra deui mah, mangga, ieu anak kuring sanggupeun nyieun parahu." 


Saur raja: "Sae, kula hamo cidra deui kana eta perjangjian." 


Kacaturkeun sanggeus rengse eta parahu, ku dua putra teras ditangkubkeun. Ku Nyai Dewi Lara Kidul teras dilayad, tetela anggeus sarta alus taya kakurangan nanaon. Ti dinya Nyai Dewi Lara Kidul angkat ka nagara ngalaporkeun yen parahu anggeus sakumaha pundut raja. 


Ari lahir raja: "Nama mana ayeuna parahuna jeung naha hanetu dibuktikeun ka hareupeun kula?"

 

Jawab Nyai Dewi Lara Kidul: "Henteu aya perjangjian parahu kudu dibawa ka payuneun raja, ngan kudu nyieun parahu wae saur anjeunna." 


Raja teh kalah aturan. 


Ti dinya lajeng bae miwarang balad-baladna supaya eta parahu diangkat ti leuweung ka nagara, dibuktikeun payuneun raja. 


Tunda heula nu rek ngangkat parahu. 


Kacaturkeun raja Majapait cidra deui kana janjina, malah hianat. Budak dua sakembaran asuhan Nyai Dewi Lara Kidul, disulap jadi munding jaluna. Atuh kacida kagetna ningali dua putra geus robah jadi sato, lahirna: "Beu, cilaka anak aing ayeuna katenung ku ratu Majapait, hianat kabina-bina. Tapi keun bae, engke aing rek males." 


Sanggeus sasauran kitu, lajeng bae Nyai Dewi Lara Kidul nyandak jimat sarupa cau lampeneng sapasang, diteunggeulkeun ku anjeunna ka dua putra, geus jadi tarandukan sarta carakep pisan. 


Lahir Ibuna: "Ayeuna maraneh ulah nyareri hate jeung montong harayang deui jadi jelema, kudu tetep jaradi munding pikeun gumelar ka anak putu di ahir manke jadi ingon-ingon di buana kabeh, demi ngaran maneh nyaeta munding, tetep sampalanana di leuweung atawa di tegal." 


Sanggeus kitu, Nyai Dewi Lara Kidul bijil napsu, terus wae asup ka nagara sarta nyileman, teu kauninga ku raja atawa ku nu lian. Barang sumping ka padamelan, paraputri kasondong keur caralik. Dumadakan eta dua putri lalungsur ka latar jeung emban. 


Geus kitu, dihin pinasti anyar pinanggih, geus nepi ka takdirna putri yen kudu jodo ka eta dua munding tea. Enggalna, dikebut ku jimatna Nya Dewi Lara Kidul, eta dua putri geus jadi munding bikang sakembaran. Terus lalumpatan ka leuweung sarta di leuweung geus tepung jeung munding jalu sakembaran. 


Gancangna, enggeus ngajodo. Jadi tetep turun-tumurun nepi ka jaman ayeuna.

 

Demi raja Majapait barang geus uninga yen putrana geus jadi sato, kantun nganluh ngan emut kana takdirna. Ari ngalaman perang, teu wani, wantuning ratu siluman lain lawaneun manusa, tepi ka ahir jaman tan keuna pati. 


Diropea tina: C.M Pleyte, Pariboga, 1914


0 Comments:

Posting Komentar