SISINDIRAN: Pengertian, Jenis, dan Contoh (Pembahasan Lengkap Bahasa Sunda)



Perkara Sisindiran

Sisindiran teh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung eta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran teh nyaeta karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun teh dibungkus ku cangkangna.

 

Wangunan sisindiran teh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran teh kaasup kana wangun ugeran (puisi).

 

Papasingan Sisindiran

Upama ditilik tina wangun jeung cara ngebrehkeunana, teh bisa dibagi jadi tilu golongan, nyaeta: 

  1. Rarakitan;       
  2. Paparikan;     
  3. Wawangsalan.

 

1. Rarakitan

Rarakitan nyaeta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Eta cangkang jeung eusi teh padapapak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti eta, antara cangkang jeung eusi teh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (Iaraswekas). Tapi Iaraswekas nu aya dina sisindiran mah nyaeta Iaraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya 8 (delapan) engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep, satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populer teh rarakitan anu sapadana diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua deui eusina.

 

Perhatikeun conto rarakitan di handap! 

Mun teu tulus ka paseukna, 

kapancirna oge hade.

Mun teu tulus ka lanceukna, 

ka adina oge hade.


Rarakitan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, dimimitian ku kecap mun, sarua jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang dimimitian ku kecap ka, sarua jeung padalisan kadua dina eusi. Hartina, cangkang jeung eusi teh padapapak puhuna saperti rakit, nu matak disebut rarakitan. Bisa oge disebutkeun, cangkang jeung eusi teh mangrupa purwakanti mindoan kawit.

 

Ayeuna tengetan engang panungtungna. Engang panungtung padalisan kahiji dina cangkang nyaeta na murwakanti jeung engang panungtung padalisan kahiji dina eusi. Engang panungtung padalisan kadua dina cangkang nyaeta de, murwakanti jeung engang panungtung padalisan kadua dina eusi.

 

Jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Geura urang rucat hiji-hiji:

Mun-teu-tu-lus-ka-pa-seuk-na (8 engang)

ka-pan-cir-na-o-ge-ha-de (8 engang)

Mun-teu-tu-lus-ka-lan-ceuk-na (8 engang)

ka-a-di-na-o-ge-ha-de (8 engang)         

 

Ditilik tina eusina, rarakitan teh bisa digolongkeun kana tilu golongan nyaeta rarakitan silihasih, piwuruk, jeung sesebred.


1) Rarakitan Silihasih

Nyaeta rarakitan anu eusina silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:


Daek soteh ka Cikoneng, 

ka Cisitu mah teu purun. 

Daek soteh ka Nyi Oneng, 

ka nu itu mah teu purun.

 

Mihape sisir jeung minyak, 

kade kaancloman leungeun. 

Mihape pikir jeung niat, 

kade kaangsonan deungeun.

 

Lain bangban lain pacing, 

lain kananga kuduna. 

Lain babad lain tanding, 

lain ka dinya kuduna.

 

Sapanjang jalan Soreang, 

moal weleh diaspalan. 

Sapanjang tacan kasorang, 

moal weleh diakalan.

 

Hayang teuing buah hiris, 

teu bisa ngasakanana. 

Hayang teuing ka nu geulis, 

teu bisa ngakalanana.

 

Hayang teuing angeun waluh, 

arek didahar jeung cabe. 

Hayang teuing geura wawuh, 

arek diajak ka lebe.

 

Hayang teuing beunteur leutik, 

ambeh teu seukeut cucukna. 

Hayang teuing nganteur balik, 

ambeh deukeut jeung lanceukna.

 

2) Rarakitan Piwuruk: 

Nyaeta rarakitan anu eusina piwuruk atawa nasehat. Contona:


Lamun urang ka Cikôle, 

moal hese tumpak kahar. 

Lamun urang boga gawe, 

moal hese barang dahar.

 

Sing getol nginum jajamu, 

nu guna nguatkeun urat.

sing getol neangan elmu, 

nu guna dunya aherat.


Lamun urang ninun kanteh,

ulah resep make poleng. 

Lamun urang leutik keneh

Ulah resep ngomong goreng

 

Lamun hayang nyieun pager

kudu daek mawa paku. 

Lamun hayang jadi Pinter, 

kudu daek maca buku.

 

Ti batan mamawa pedang, 

mending ge mawa ragaji. 

Ti batan ulin bagadang, 

mending ge diajar ngaji.

 

Lamun urang melak salam, 

kudu daek ngarawatna. 

Lamun urang ngaku Islam, 

kudu daek jeung solatna.

 

3) Rarakitan Sesebred

Nyaeta rarakitan anu eusina banyol atawa lulucon. Contona:

 

Majar maneh cengkeh koneng, 

kulit peuteuy dina nyiru. 

Majar maneh lengkeh koneng, 

kulit beuteung mani nambru.

 

Abdi mah alim ka Bandung, 

hoyong soteh ka Cibuluh. 

Abdi mah alim dicandung, 

hoyong soteh mun diwayuh.

 

Sok hayang nyaba ka Bandung, 

sok hayang nyaho nanjakna. 

Sok hayang nanya nu pundung, 

sok hayang nyaho nyentakna.

 

Rarasaan ngala kupa, 

teu nyaho ngala bangkuang. 

Rarasaan alus rupa,

 teu nyaho kawas badawang.

 

Rarasaan ngala mayang, 

teu nyaho cangkeuteuk leuweung. 

Rarasaan koneng umyang,  

teu nyaho cakeutreuk hideung.

 

Aya listrik di masigit, h

anjakal moncor ka kolong. 

Aya istri jangkung alit, 

hanjakal tonggongna bolong.

 

2. Paparikan

Kecap paparikan asalna tina kecap parek nu hartina deukeut. Nilik kana wangunna paparikan teh meh sarimbag jeung rarakitan. Bedana, paparikan mah henteu kudu papak di puhuna (mindoan kawit). Tapi ukur deukeut sorana, sana murwakanti dina unggal padalisanana (purwakanti Iaraswekas). Lebah jumlah padalisan dina sapadana jeung jumlah engang dina unggal padalisanana, henteu beda jeung rarakitan.

 

Tangetan geura conto di handap! 


Boboko ragrag di imah, 

ninggang kana pileuiteun. 

Mun bogoh montong ka semah, 

ari anggang sok leungiteun.

 

Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan: dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana jeung padalisan kahiji dina eusi. Kitu deui padalisan kadua dina cangkang, padeukeut sorana jeung padalisan kadua dina eusi. Sora tungtung padalisan kahiji dina cangkang, murwakanti jeung sora tungtung padalisan kahiji dina eusi. Kitu deui sora panungtung padalisan kadua dina cangkang, murwakanti jeung sora panungtung padalisan kadua dina eusi.

 

Upami nilik kana eusina, paparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaeta paparikan silihasih, piwuruk, jeung sesebred.

 

1) Paparikan silihasih, 

Nyaeta paparikan anu eusina silihasih, cinta, atawa birahi. Contona:

 

Meuncit meri dina rakit, 

boboko wadah bakatul. 

Lain nyeri ku panyakit, 

kabogoh direbut batur.

 

Cau ambon dikorangan, 

kanyere ka pipir-pipir. 

Lalaki ambon sorangan, 

awewe teu mikir-mikir.

 

Lampuyang nu cocongoan, 

bawaeun ka Rajagaluh. 

Ku hayang nya sosonoan, 

isuk mah urang pajauh.

 

Hayang teuing angeun waluh, 

angeun waluh dioncoman.

Hayang teuing geura wawuh, 

geus wawuh rek dioconan.

 

Talingtung talina benang, 

mobil beureum diguratan. 

Satungtung teu acan beunang, 

moal eureun disuratan.

 

Paribasa nganyam samak, 

neukteukan bari motongan. 

Paribasa neang anak, 

ngadeukeutan popotongan.

 

Ka hilirkeun ka girangkeun, 

miceun kangkung sakaranjang. 

Kalilirkeun kagundamkeun, 

micangcam nu jangkung lenjang.

 

Samping hideung dina bilik, 

kumaha nuhurkeunana. 

Abdi mineung ka nu balik, 

kumaha nuturkeunana.

 

2) Paparikan piwuruk, 

Nyaeta paparikan anu eusina piwuruk atawa nasehat. Contona:

 

Ka kulah nyiar kapiting, 

ngocok lobak bobodasna. 

Ulah sok liar ti peuting, 

osok loba gogodana.

 

Aya manuk dina pager, 

na sukuna aya bola.

Lamun urang hayang pinter, 

kudu getol ka sakola.

 

Baju kutud heureut pola, 

dikelin teu dijalujur. 

Lamun teh cucud sakola, 

arisin balik ka lembur.

 

Kanikir siki kanikir, 

cangkudu beunang panimu. 

Kapikir beuki kapikir, 

hirup kudu loba elmu.

 

3) Paparikan sesebred

Nyaeta paparikan anu eusina banyol atawa lulucon. Contona:

 

Cau naon cau naon, 

cau kulutuk di juru. 

Bau naon bau naon, 

bau hitut nu di juru.

 

Itu gunung ieu gunung, 

diadukeun pakbeledug. 

Itu pundung ieu pundung, 

marebutkeun mojang budug.

 

Meuleum manggu tengah poe, 

dicokelan kayu api. 

Malem Minggu ninggang sue, 

diapelan aki-aki.

 

Cikur jangkung jahe koneng, 

lampuyang pamura beuteung. 

Rarasaan jangkung koneng, 

puguh mah bureuteu beuteung.

 

Poe Saptu poe Kemis, 

poe Kemis jeung Jumaah. 

Itu saha muril kumis, 

kumisna panjang sabeulah.

 

Itu wayang ieu wayang, 

wayang gede pangsisina.

Itu hayang ieu hayang

hayang gede komisina

 

Kihiang nu meunang nuar

ngagoler geus jadi catang,

Kahayang meunang nu beunghar,

sihoreng nu loba hutang


Daun hiris dibeungkeutan, 

dibawa ka juru leuit. 

Anu geulis ngadeukeutan, 

hayangeun dibere duit.

 

3. Wawangsalan

Wàwangsalan teh nyaeta karangan anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna teh tara ditetelakeun. Kudu diteangan tina bagian eusi. Wangsal teh sok murwakanti jeung salasahiji kecap anu aya dina bagian eusi tea.


Tengetan geura conto wawangsalan di handap! 


Teu beunang di situ lembur, 

teu beunang diulah-ulah.

 

Dina wawangsalan anu disebut cangkang teh padalisan kahiji, ari eusina padalisan kadua. Dina conto di luhur, aya kecap situ lembur dina cangkangna. Naon ari situ lembur teh? Jawabanana kudu diteangan dina eusina. Dina eusi aya kecap diulah-ulah. Teangan kecap anu deukeut jeung diulah-ulah nu mangrupa jawaban kana situ lembur. Tangtu bae lain balong jeung empang, sabab duanana oge henteu murwakanti jeung kecap diulah-ulah. Anu murwakanti mah nyaeta kulah. Jadi eusina wawangsalan di luhur teh nyaeta kulah.

 

Conto sejenna:

Reregan sabudeur imah, 

kasangsara siang wengi.

 

Reregan sabudeur imah teh nyaeta kasang, lantaran dina eusina aya kecap kasangsara anu sorana deukeut jeung kasang.

 

Nilik kana wangunna, wawangsalan teh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaeta 8 (dalapan) engang. Geura urang rucat:

 

Teu-beu-nang-di-si-tu-lem-bur, (8 engang) 

teu-beu-nang-di-u-lah-u-lah. (8 engang)

 

Dina omongan, tampolana wawangsalan teh ngan disebut sindima wungkul, sabab anu dibawa nyarita dianggapna geus apal kana pieusieunana. Umumna dipake mamanis basa, tur anu dipakena oge Iain harti wangsalna, tapi sakumaha anu kauni dina bagian eusina tea. 

 

Titenan geura contona, upamana bae di nu ngawinkeun. Biasana protokol atawa pribumi sok ngomong kieu:

 

"Parawargi, rombongan calon panganten pameget, jagong tuhur beunang ngunun. Hususna ka calon panganten pameget nu lawas diantos-antos, baeu tutut gunung keong reuma"

 

Tapi aya kalana sindir jeung eusina sok disebutkeun. Upamana bae:

 

"Parawargi, rombongan panganten pameget, jagong tuhur meunang ngunun, haturan wilujeng sumping. Ka panganten pameget nu lawas diantos-antos, baeu tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik".

 

Sawatara wawangsalan, bagian sindima geus robah jadi babasan (pakeman basa). Upamana bae:

 

  • teu puguh monyet hideungna, anu hartina teu puguh tungtungna. "Geuning perkara teh teu puguh monyet hideungna".
  • kabedil langit, tina sindir wawangsalan: Abdi mah kabedil langit, anu hartina kalinglap. "Kuring mah kabedil langit nenjo Neng Azka make jilbab".
  • kapiring leutik, tina sindir wawasangsalan: Abdi mah kapiring leutik, anu hanina era. "Manehna kapiring leutik kapanggih henteu puasa ku kuring".

 

Umumna eusi wawangsalan teh mangrupa silihasih, Cinta, atawa birahi.

 

Conto wawangsalan sejenna katut hartina (dina jero kurung). 

 

Abdi teh kapiring leutik, 

kaisinan ku gamparan. (pisin)

 

Alun-alun paleuweungan, 

gagal temen mun teu jadi. (tegal)

 

Areuy Ieuweung merang daun, 

ulah sok japilus galih. (pulus)

 

Awi ngora teh jaradi, 

temah malak jadi liwung. (iwung)

 

Aya nu dianjing cai, 

aya nu diheroan. (sem)

 

Ayeuna ge sereh legal, 

engkang mah sok matak peurih. (eurih)

 

Balandongan ngukur jalan, 

sok hayang geura los indit. (elos)

 

Bale direka masigit, 

nya pikir bati rumanjug. (tajug)

 

Bangkong lodor meuntas jalan, 

titis tulis bagja awak. (bayawak)

 

Bango hejo herang jangjang, 

piraku engkang ka abdi. (merak)

 

Beas ditutuan deui, 

iraha atuh patepung. (tipung)

 

Belut sisit saba darat, 

kapiraray siang wengi. (Oray)

 

Bentang baranang di imah 

samar bisa tepung deui. (damar)

 

Beulit cinggir simpay tangan, 

ulah lali ka sim abdi. (ali)

 

Beusi bodas cingcin kecrik, 

cumah bae dipicinta. (timah)

 

Cakcak gede kadal bilik, 

ulah dipake mokaha. (toke)       

 

Careuh beureum pasawahan, 

nu dusun leuwih ti misti. (lasun)

 

Cikur jangkung pamuraan, 

kapalay siang jeung wengi. (panglay)

 

Cisusu kentel dimasak,

ulåh tega-tega teuing. (mantega)

 

Daun tuhur na tangkalna, 

sok rus-ras ka nu teu aya. (kararas)

 

Di Cikajang aya gunung, 

asa paturay jasmani. (Cikuray)

 

Dudukuy panjang gagangna, 

pikir bati ngalanglayung. (payung)

 

Enggeus kapalupuh jangkung, 

ayeuna geus kapimilik. (bilik)

 

Gedong ngambang di sagara, 

kapalang geus bela pati. (kapal cai)

 

Geus tangtu ngajukut laut, 

seger teuing pipikiran. (ager)

 

Gunting pameulahan jebug, 

kacipta salalamina. (kacip)

 

Hayam tukung saba gunung, 

uyuhan teuing nya diri. (puyuh)

 

Jagong tuhur beunang ngunun, 

dunungan bagea sumping. (emping)

 

Jampana bugang dadakan, 

panasaran diri abdi. (pasaran)

 

Jawadah tutung biritna, 

sacarana-sacarana. (cara)

 

Jukut jangkung pipir gunung, 

hate abdi panas peurih. (eurih)

 

Kadal gede saba darat, 

pareng alus bagja awak. 'bayawak)

 

Kadeuleu langgir caina, 

kayap-keyep anu geulis. (keuyeup)

 

Kalong leutik saba gedang, 

sumedot rasaning ati. (cocodot)

 

Kararas daun kalapa, 

teu aya nu ngabangbrangkeun. (barangbang)

 

Kembang bodas buah bunder, 

ngaheruk nya pipikiran. (jeruk)

 

Kendang gede pakauman, 

dagdigdug rasaning ati. (bedug)

 

Laleur hideung panyeureudan, 

kilangbara urang jadi. (bangbara)

 

Maung tutul saba kasur, 

diri teu ngareunah cicing. (ucing)

 

Nyiruan genteng cangkengna, 

masing mindeng pulang anting. (papanting)

 

Pileuleuyan kebo gunung, 

ngadadak tineung nya pikir. (badak)

 

Reregan sabudeur imah, 

kasangsara siang wengi. (kasang)

 

Rebab jangkung di pandopo, 

nalangsa kabina-bina. (tarawangsa)

 

Sok hayang kapancar panday, 

kaparengkeun ka nu geulis. (areng)

 

Tegal di tengah nagara, 

laun-laun sugan jadi. (alun-alun)

 

Teu beunang di hurang sawah, 

teu beunang dipikameumeut. (simeut)

 

Teu beunang dikehkel poleng, 

teu beunang dibangbalerkeum (jeler)

 

Teu beunang dirangkong kolong, 

teu beunang dipikahayang. (hayam)

 

Teu puguh monyet hideungna, 

asa teu puguh tungtungna. (lutung)

 


Sumber: 'Pangajaran Sastra Sunda', kaca 25-38, ku Drs. Budi Rahayu Tamasyah, Spk.

0 Comments:

Posting Komentar