Jumat, 10 Juli 2020

Naskah Drama Bahasa Sunda untuk 4 Orang "Budak Doraka"



Drama ieu nyaritakeun dua budak doraka anu can pernah bersyukur kana kaayaan kaluwargana. 

Isuk-isuk si Ema keur nyepan sampeu di dapur, jang sasarap barudakna. Tuluy si Ema ka kamer rek ngahudangkeun barudakna.

<Kaayaan 1>
Ema : “Neng… jang… gera arugah atuh… tingali gera tuh tos caang.” (can harudang)
Ujang : “Hhmmm…”
Ema : “Neng… jang… gera gugah tos beurang.”
Ujang : “Naon si ma!!! Ngaganggu bae.”
Neng : “Nya… naon si ma ngaganggu bae! Karuh neng teh keur ngimpi dahar nu     ngeunah-ngeunah, bari daharna teh di restoran deuih.”
Ujang : “Heeh lah si ema tuda, hudang-hudang geus aral, jabaning nempo ema nu kucel deui.”
Neng : “Geus lah ayeunamah ema geura masak jig!”
Ujang : “Heeh ma jig lah indit ka dapur!”
Ema : “Atos neng, jang tuh gera tingali na meja, ema tos masak ti isuk mula.” (ema ngusap dada)

[Barudak harudang bari ngalungkeun sinjang ka Ema]
Neng,Ujang : “Laahhh….(bari indit)”

[Pas si Neng jeung Ujang geus di dapur…] 
Neng : “Ma… ma… ma…”
Ujang : “…ma…ma…ma”


[Ema datang ka dapur bari ngusap cai panon]
Ema : “Aya naon neng,jang?”
Neng : “Aya naon, aya naon, tempo geura tah ku ema! Nanaonan ieu dahar jeung nu kieu hah?”
Ujang : “Nya ih si ema, nanaonan ieu ngan dahar jeung sepan sampeu hungkul!” (neng jeung ujang ngalungkeun piring nu aya dina meja ka hareupeun ema)
Neng : “Neng jeung ujang mah hayangna ge dahar jeung nu ngeunah jiga nu aya di mimpi!”
Ema : “Da ema mah teu gaduh artos pikeun meser dahareun nu kitu mah neng,jang.”
Neng : “Lah teuing… cape hayuh wae rebut jeung ema mah…”
Ujang : “Geus lah neng cuang ulin we yu, bosen di imah wae”
Neng : “Hayu lah…”

[Barudak langsung ka kamer ngabalatakeun baju nu aya dina lomari saking ku keuheulna, tuluy langsung lumpat kaluar imah bari nyentak si ema]
Neng : “Tah ma… beresan tuh kamer!”
Ujang : “Nya tah beresan sing rapih!”
Ema : “Astaghfirullah Gusti… kunaon ai barudak the kieu-kieu teuing” (ceurik)
<Kaayaan 2>
Ujang : “Eh neng… tuh tempo aya kadu, cuang ala yu…”
Neng : “Mana a?” (bari luak-lieuk)

[Ujang langsung ngalungkeun batu anu gede kana tangkal kadu, ngan batuna kalah kana sukuna si neng]
Ujang : “Iiihhh awas neng!!!”
Neng : “Aduuuhhh si aa mah kumaha sih, nyeri geuning ieu teh” (bari ceurik)
Ujang : “Hahaha…bongan saha cicing wae didinya, kan ku aa ge geus di bejaan.”
Neng : “Geus lah hayu cuang uih we.”
Ujang : “Nya hayu atuh.”

<Kaayaan 3>
[Ema keur nyarande dina batu nu gede]
Ema : “Gusti… abi teh cape kana kalakuan barudak abi… abi teh bingung kudu kumaha sangkan barudak teh bias narima kahirupan anu sakieu ayana” (ujug-ujug aya sora anu teu jauh ti tempat na si ema)
Batu : “Hahahaha… tenang ma aya kuring didieu.” (ema reuwas)
Ema : “Sa..sa..saha eta?”
Batu : “Kuring batu batangkup.”
Ema : “Ba..ba..batu?”
Batu : “Tenang ma… ulah sieun ka kuring… da kuring mah bageur.”
Ema : “Haahhh?”
Batu : “Aya masalah naon ema teh, meuni nepi ka ceurik didieu?”
Ema : “Ema teh cape ku kalakuan barudak, anu beuki dieu the beuki bangor.”
Batu : “Tos ma tos ulah dipikiran deui. Ayeunamah ema candak lauk emas anu aya dina eta walungan, tuluy candak ka bumi ku ema. Ngke lamun ema hoyong nanaon pasti dikabulkeun ku lauk eta.”
Ema : “Mmm… hatur nuhun batu batangkup ema janji bakal ngajaga lauk emas ieu.”

[Ema balik ka bumi bari mawa lauk emas. Tuluy si ema langsung nyimpen lauk emas eta dina bak. Tuluy si ema indit deui ka warung rek meuli dahareun.]



<Kaayaan 4>
Neng : “Iiihh a tempo geura si ema geus balik.”
Ujang : “Nya apal aa ge… ngan si ema balik deui… rek kamana nya?”
Neng : “Teuing lah, ulah nguruskeun si ema geura lapar yeuh neng.”
Ujang : “Kela geura cuang teangan heula bisi we aya simpenan di dapur teh.” 
(teu kahaja.. si neng ningali lauk emas dina bak)
Neng : “A...a.. tempo yeuh aya lauk.”
Ujang : “Hah.. lauk naon neng?”
Neng : “Teuing.. sok we tempo kadieu.”
(ujang nyamperkeun neng ka dapur)
Ujang : “Mana cik nempo laukna…”
Neng : “Tah gede siah.”
Ujang : ”Ih nya euy ieu mah gede.”
Neng : ”Hayu lah cuang pasakan we.”
Ujang : “Hayu lah.”
(eta lauk di beuleum ku barudak tuluy di dahar nepi ngan nyesa tulangna hungkul)

<Kaayaan 5>
[Ema tos ti warung] 
Ema : “Assalamu’alaikum… neng,jang…ema uih.”
(Barudak keur ngeunah ngadahar lauk)
Neng : “Tah si ema datang, hampura nya ma laukna geus beak, da soalna ngeunah.”
Ujang : “Nya ma…wareg siah.”
Ema : “Hahhh…ngadahar lauk?”
Neng : “Kunaon kitu ma?”
Ujang : “Nya emang kunaon kitu ma?”
Ema : “Eta lauk the sanes lauk biasa neng,jang.” (ceurik bari nyekel tulang laukna)
Neng : “Lahhh.. ema mah sok nyaram wae arurang, puguh keur lapar.”
Ema : “Ema mah heunteu ngabohong neng, eta lauk the bisa mantuan ka urang.”
Ujang : “Mantuan naon deui lah ma, sok ngahayal bae. Geus lah yu neng cuang ulin deui.” 

[Barudak langsung arindit. Si ema ngaberesan tulang lauk tuluy langsung dikubur. Sapoe geus kalewatan si ema rek nempo tulang lauk. Tapi, pas geus nepi, si ema reuwas yen ditempat ema ngubur lauk teh aya tangkal anu daunna emas. Tuluy ema lumpat ka kebon ka tempat batu batangkup]

<Kaayaan 6>
Ema : “Batu…batu…ema reuwas naha tulang lauk the jadi tangkal nu daunna emas.”
Batu : “Keun eta teh rizki jang ema. Nu hirupna sabar ngaladenan budak anu doraka ka ema.”
Ema : “Oh muhun atuh.. hatur nuhun batu batangkup tos kersa mantuan ema. Ema moal poho ka batu. Ema janji rek indit unggal poe kadieu jang ngabaturan batu.”
(Heunteu lila si ema indit balik ka imah bari terharu. Pas geus tepi ka imah barudak rariweuh nanyaan ka si ema, da kareuwas tea)

<Kaayaan 7>
Neng : “Ma naha aya tangkal emas?”
Ujang : “Nya ma naha ning aya tangkal emas.”
Ema : “Ema ge reuwas neng,jang. Ieu tangkal the tina kuburan tulang lauk emas tea.”
Neng : “Ah maenya ma…cing gera cuang ala daunna.”

[Barudak langsung ngalaan eta daun emas tuluy dijual ka toko emas.]

<Kaayaan 8>
[Ayeuna ema,ujang,jeung neng jadi beunghar. Ngan si ujang jeung neng kalah ka beuki doraka ka si ema]
Ujang : “Ma pang nyesehkeun baju sing bersih jig!”
Ema : “Muhun jang.. kela.”
(Ema indit ka kamer mandi. Kakara ge sababaraha hiji nyeseh baju, teu lila datang si neng)
Neng : “Ma, kumaha si nyeseh teh teu bener pisan.” (bari ngalungkeun baju kana beungeut si ema)
Ema : “Astaghfirullahal’adzim.” (si ema teu kuat ku kalakuan anakna, ahirna si ema indit ka batu batangkup bari ceurik)

<Kaayaan 9>
Ema : “Batu…batu batangkup euleug abdi! Abdi tos teu kiat ku kalakuan budak abdi.”
Batu : “Ema yakin?”
Ema : “Muhun abdi tos yakin pisan. Enggal batu batangkup euleug abdi!”
(Ema langsung dieuleug ku batu)

<Kaayaan 10>
Neng : “Ma…ma…geus rapih can nyeuseuhna?”
Ujang : “Ih ning si ema euweuh, kamananya si ema?”
Neng : “Kumaha lamun si ema keur ka batu batangkup?”
Ujang : “Yu atuh cuang ka batu batangkup. Cuang neangan si ema!”
(Barudak langsung indit neangan si ema ka batu batangkup)
Batu : “Heh ek naon budak doraka kadieu? Ema maraneh geus dieuleug ku kuring. Ha…ha…ha…”
(barudak ceurik ka batu menta si ema di kaluarkeun, tapi tos terlambat)