Seperti biasa dan akan dibiasakan, pada hari sabtu aku akan posting tulisan dalam bahasa sunda. Dan kali ini yang aku publish adalah artikel yang ditulis oleh Kakakku. Terima Kasih.
Sampurasun...ngiring nyimpen tulisan simkuring ah landong simpe.
Tadi pasisiang kuring ngawangkong sareng bapa-bapa duka urang mana di tukang tambal ban, bade ngagaleuh parab manuk saurna...nyana naros kieu : Kang naha nya lamun tiap bulan puasa teh urang mah sok asa leuwih riweuh neangan dunya (duit) tibatan 11 bulan nu katukang? apanan ceuk Gusti nu Maha Suci teh urang Islam dibere waktu anu super istimewa pikeun neangan amal hade, ibadah pikeun ke jaga diakherat...ngan sabulan! nyaeta bulan Romadon nu sagala amal urang dilipatgandakeun ku Gusti!..cing salah urang teh dimana? naha tradisi nu salila ieu geus ngagetih daging? atawa pipikiran urang anu geus ka cocokan ku kapitalis, hedonisme atawa perkara perkara anu geus di jeujeuhkeun ku kaum diluar kayakinan urang pikeun ngarungkadkeun atawa ngotoran Islam?....
(edass eta patarosan meni seukeut keuna kana manah.kuring ngahuleng bingung kudu ngajawab kumaha...)