#Urang Sunda
Sakumaha biasa, tadi kuring nyaring jam lima isuk-isuk. Pak kuniang tina luhur kasur, terus jrut napakkeun dampal suku kana tehel nu tiis matak murigrig. Lengkah suku kuring ngarah ka kamar mandi, niat keur wudhu. Beres sholat subuh, kuring langsung beberes sasapu, ngepel, ngumbah motor, ngan mandi nu henteu teh, nu penting mata bebas cileuh we heula. Bae lah disebut dokok oge, Ucing oge tara mandi geuningan lumpatna tarik.

Beres bebenah, kuring langsung ngajius ka lapangan, biasa...ngala kesang. Isuk-isuk tadi panon poe meuni moncorong, cerah, enakeun keur olahraga mah, teu matak malik tiis kana awak. Teu cigah sababaraha poe katukang, isuk-isuk geus aleum, sesa hujan peutingna, meureun. Barudak Lokasana geus karumpul, siap-siap ngamimitian latihan. Duh awak kuring keur kurang jag-jag, euy, asa laleuleus, maklum geus lima poe ieu kuring digeder latihan, makana latihan ayeuna moal diporsir teuing, ah, bisi paeh.