Gambar oleh: @nonoman_galuh |
Tapi nyatana di sababaraha wilayah parahyangan, proses regenerasi jadi masalah anu serius, sabab kurang na bibit-bibit anyar atawa budak ngora anu boga minat keur neuleuman kasenian sunda. Contona di kota kalahiran kuring nyaeta Ciamis. Sakumaha anu pernah dicaritakeun ku mantan Kepala Disbudpar Kabupaten Ciamis, Bapak Mamat Surya Wijaya, saur anjeuna hese ngalakukeun regenerasi seniman tradisional kasenian khas Ciamis, sanajan aya budak ngora anu boga minat neuleuman kasenian tradisional khas Ciamis, jumahna saeutik pisan. Dina danget ieu seniman anu aktif keneh dina kasenian khas Ciamis umumna geus usia lanjut.